KabarSunda.com- Ayana cai di dunya nu matak aya kahirupan. Atau kahirupan aya jalaran aya cai. Cai ruksak, lingkungan ruksak, kahirupan ruksak. Tapi jalma loba nu ngamomorekan kana cai. Buktina walungan jadi tempat pamiceunan sagala rupa limbah. Kahirupan jalma mimiti diwangun di sisi walungan.
Contona karajaan-karajaan di tatar Sunda diwangun di sisi walungan, saperti Karajaan Tarumanagara di deukeut Walungan Ciaruteun. Salian keur sumber cai, oge keur ngangkut barang dagangan.
Kitu oge karajaan liannya di Indonesia, saperti Karajaan Majapahit di deukeut Walungan Brantas, Karajaan Sriwijaya di di Walungan Musi jeung nu liana puseur dayeuhna diwangun di sisi walungan. Kahirupan jalma moal bisa jauh tina cai. Keur kaperluan sapopoe, keur tani, oge keur lalar liwat jalma jeung barang dagangan.
Dina salah sahiji buku nu ditulis ku urang Perancis nu datang ka karajaan Aceh abad 17, ningali walungan nu beresih, caina langsung bisa diinum. Ningali walungan beresih jeung pinuh keneh ku tatangkalan hejo ngemplok. Matak pantes lamun bangsa lian ti luar Nusantara nyebutna surga, matak kabita jeung nyababkeun bangsa deungeun ngajajah Nusantara sakitu lilana.
Kumaha kaayaan walungan ayeuna?. Naon nu di gambarkeun dina buku sejarah asa moal deui kapanggih. Walungan ayeuna salian ti kotor pinuh ku runtah, oge sapanjang sisina pinuh ku wangunan. Wangunan imah, pabrik, atau nu lianna. Walungan beuki heureut, nu tadina lebar 8 meter bisa jadi ayeuna mah ngan 4 meter.
Kaayaan kitu matak nyababkeun cai teu katampung di walungan, nyababkeun banjir ka pamukiman. Kitu deui sirah cari sumber utama cai nu ngalir ka walungan, biasana aya di gunung atauwa leuweung, geus loba nu leungit di sababaraha tempat. Lantaran leuweungna dibabad atawa
kasered ku pangwangunan. Cai jadi susah di usum halodo, tapi keur usum ngijih jadi banjir. Kumaha urang kudu ngokolakeun cai? Kumaha carana ngamumule sirah cai, jeung kumaha carana supaya walungan lain tempat miceun tapi tempat urang ngajaga kahirupan.